Mang Ihin: "Kang ari basa cenah mah bakal sirna ti alam kasundaanana?"
Kang Suadma: "Mang ihin, kuring can yakin bakal sirna tur enteng bangga ngajawabna. Enteng, da memang tinggal ngajawab. Hesena, sabab lamun hayang ngajawab kalawan bener tangtu kudu dirojong ku rupa-rupa alesan nu luju kana jawaban urang. Kukituna kuring mah moal ngajawab, rumasa kurang elmuna."
Mang Ihin: "Kahariwang yen basa Sunda bakal sirna memang asup akal Kang.Basa nu dipake geus pabaliut jeung basa deungeun atawa basa sejen, utamana basa Indonesia 'jakartaan'. Contona kawas si Encim lamun ngobrol jeung babaturaana sok kieu, "Aduh, nggak mau maneeehh..", atawa wanoja panggih jeung si Encim terus nyarita ka baturna papada wanoja, "Aduuh, nggak mau maneh.. na eta mah mani kasep-kasep teuing nya?". Kitu deui babaturanana si Encim sok sering ngucapkeun kieu, "Urang mah mun ngobrol jeung si eta pasti keketawaan.." (maksudna: seuseurian),
"Besok meunang teu urang maen ka rumah?" (maen dina basa Sunda hartina ngadu, judi. Padahal di dieu tangtuna ge maksudna ulin). Kitu tah kang."
Kang Suadma: "Loba keneh sabenerna kalimah-kalimah anu direumbeuy ku basa Indonesia, nu hartina baris jadi nyaliwang lamun urang pengkuh nyekel kana tetekon kana basa Sunda anu 'bener'. Sanajan kitu, kadang-kadang kuring sok mikir sorangan. Basa teh pan diciptakeunana pikeun komunikasi anu tujuanana sangkan nu ngobrol jeung nu diajak ngobrol papada ngarti kana naon anu diobrolkeun atawa anu jadi jejer obrolan. Lamun nilik kana tujuanana, atuh meureun teu salah sapanjang nu ngobrol make basa Sunda campur aduk teh papada ngarti, da tadi ge tujuanana teh nya komunikasi tea. Nyambung, mun cek barudak ayeuna mah."
Ceu Marni: "Nya ieu pisan anu kadang-kadang nu ngondang pebentar paham teh. Cek kaum 'konvensional', komunikasi teh lain saukur papada ngarti, tapi oge kudu bener, boh kekecapanana, boh undak usukna. Cek kaum 'moderat', keun we rada teu bener oge, nu penting mah daek keneh ngagunakeun basa Sunda, tinimbang lapur pisan. Malah cek nu 'revolusioner' mah, rek ngobrol make basa naon ge nu penting mah nyambung, papada ngarti, na make kudu riweuh sagala?"
Kang Suadma: "Sababaraha pamanggih nu disebut di luhur nepi ka ayeuna masih terus dipadungdengkeun. Ngan keur sakuringeun, idealna mah nonoman atawa generasi ngora angger kudu apal tur ngarti mana basa Sunda nu 'bener', sabab ieu teh modal nu kacida gedena. Cenah eta dina waktu ngobrol jeung babaturanana make basa Sunda 'teu bener', keun we teu nanaon, nu penting manehna nyaho kumaha basa Sunda nu sakuduna."
Mang Ihin: "Carana?"
Kang Suadma: "Nya kudu aya komunikasi antara kolot jeung budak tea. Lengkah awal nu kacida utamana, euweuh deui iwal ti ngatik tur ngajak barudak di imah sewang-sewangan sangkan wawuh kana basana sorangan. Ulah ngarasa reueus mun anak urang - nu indung bapana pituin urang Sunda - palahak polohok teu ngarti basa Sunda." Anu kadua, mun budak salah ngomong basa Sunda, ulah diseukseukan. Karunya ka si Encim nepi ka aya rencana diajar basa Sunda di terminal, hehehe. Anggur mah deukeutan, terus perenahkeun kumaha kuduna. Lamun dicarekan, tibatan jadi bener, budak kalahka tinggar kalongeun. Tungtungna kalah hoream nyarita ku basa Sunda, sabab sieun dicarekan tea. Lapur weh mun geus kieu mah."
Ceu Marni: "Mang ihin can apal nya waktu si encing keur diajar basa Sunda ku guruna waktu masih keneh SD, pan kieu geura.
Teruskeun kalimah-kalimah di handap ieu ku hidep.
Guru : "Cikaracak ninggang batu laun-laun jadi ...."
Encim : "Diteunggeul."
Guru : "Ulah sok huhujanan bisi ...."
Encim : "Ngiring."
Guru : "Bapa angkat, abdi ...."
Encim : "Hoyong."
Guru : "Ibu tuang, abdi ...."
Guru : "Nini kulem, abdi ...."
Encim : "Oge."
Nu ieu mah soal basa Indonesia, dijawab ku budak anu 'nyunda' pisan.
Guru basa Indonesia : "Pencuri itu lari tunggang ......"
Encim: "Tonggeng."
Kitu mang Ihin, ieu teh pikiraneun urang, sigana si Encim tara diajak ngobrol basa Sunda ku mang Ihin kitu, tepi ka kitu kalakuanana."
Mang Ihin: "Apanana kuringna jualan obat nyeri sirah di pasar teu payu-payu tea ceu..."
(AS)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar