Menurut kalian Rama itu gimana?

Sabtu, 29 September 2012

Canghegar (Kabayang Unggal Sato boga Fesbuk)

Kabayang mun unggal sato boga akun facebook. Pasti maranehna masang status nu araneh. Ieu contona :


Anjing : Cape euy geus moro bagong!

Kelenci : Milu program KB wae kitu? Ieu anak kuring asa beuki riab. Jaba teu nyaho bapana deuih.

Sapi : Hayoh we susu uing diperesan! Getek nyaho.. Ari dikawinan henteu.

Lauk : Ih, giliran uing iraha nya? Tatangga mah geus areuweuh, aya nu digoreng aya oge nu dipais.

Buaya : Moyan heula ah. Sakalian ngeceng tatangga.

Beo : Hayoh we aing dititah diajar ngomong. Iraha atuh diajar nulisna, euy?

Cakcak : Eh, sssstt.. Tong ribut nya! Kuring keur aya di kamer Luna Maya yeuh.

Ucing : Cik atuh euy eta nu keur dalahar di meja makan geura gancang anggeus. Geus teu kuat yeuh hayang ngiwat peda beureum. Pelem jigana tah!

Kalong : Duh.. Iraha uing bisa sare dina kasur springbed? Lieur euy sare ngagulantung wae mah.

Sireum : Minggu-minggu ieu loba teuing dahar gula yeuh. Moal matak diabetes kitu?

Undur-undur : Keur latihan leumpang maju euy! Do'akeun nya.. Sing sukses.

Monyet : Aing mun isuk-isuk dititah gawe doger monyet di parapatan. Rek bunuh diri! Rek nabrakeun maneh kana ban treuk. Cape deuleu.. Nyiksa pisan nya boga dunungan teh.

Onta : Persediaan cai dina punduk loba keneh. Rek usaha air isi ulang ah.

Oray : Moal sakali-kali deui ngahakan linggis aing mah! Kapok!

Jarapah : Moal kabentar gelap kitu ieu sirah uing?

Gajah : Maaf sayang.. Aku lagi diet.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar